Kang Asep Kumerot

Kang Asep Kumerot

Kang Asep Kumerot, Aslina Asep Wawan Gunawan, di Facebook Abah Kumerot, Kang Asep Ampera, ari julukan mah Kang Asep ti Bandung.
Teuing kumaha mimitina, teuing timana asalna ngaran rubah nu katelahna, padahal hiji indung nu ngandung Bapa nu taya duana geus mere ngaran "ASEP WAWAN GUNAWAN" nu lahir Poe Sabtu Tahun 1971.

Carita panjang pondokna - sesekeler Kang Asep priode Munggaran

Saberesna sakola di SMP Yayasan Atikan Sunda Bandung, pribados mimiti boga pangresep kanan budaya sunda, Tahun 1991 Sarengsena na Sakola ti SMIP YPPT Bandung, pribados ngalalana di tuntun ku bapa Ukun Karyaman diteupangkeun sareng Almarhum Bp Solihin Anu Ngagaduhan Tender Hotel Cipanas Indah Garut,, tah Tidieu Pribados mimiti liar neng duit jang ngahirupan sorangan.
Alhamdulillah Almarhum pinareng istrina Ibu Jubaedah anu sakitu nyaahna ka Simkuring, nepi kahiji Waktu Hotel Cipanas Indah menang Kontrak ti Travel HSS anu Tamuna Orang Belanda Jadoel Mantan Para Penjajah hungkul, caritana Kang Asep ku Almarhum kudu Mahir Bahasa Belanda, Hanas Kursus Eeeeh nu datangna malah bule bule anu pinter bahasa Sunda, Waduuuuh.... Kajebloooooos.
Hotel Cipanas Indah Kangaranan Tempat munggaran dimana Kang Asep Gawe, Tapi hasilna gede pisan dimana bisa sakola masak jeung sakola bahasa caritana mah D1 Perhotelan mah ka Alaman bari jeung di biayaan ku dunungan.
Hatur Nuhun Bapa Almarhum, Mudah mudahan ditampi Iman Islamna kitu oge paraputrana sing janten jali anu saroleh, Tur ibuna mugia dipasihan katawakalan sareng ka suksesan.

Lalakon Kang Asep Anu Ka Dua :


Neruskeun Hanca Sakola jeung Bakat Anu Katunda, Kang Asep Asup gawe Ka  Rumah Makan Ponyo, Waduuuuh capena,,,,,, Lamun keur jadi tukang nyieun sate, Ti isuk nepi ka rek balik teu reureuh tukang nusukan jeung ngabakar sate, payu npisan Rumah Makan Ponyo anu di Cinunuk Tahun 1995 an.
Ayana Kahayang Naek Jabatan Kang Asep di oper oper, pundah pindah neupi Ka Ponyo Jakarta, laaah ari kanu masakan mah neuppi ka papay.

Kang Asep Berkarier di Babak katilu :

Saba'da Ngalaman di tempat Karaoke BAZZOKA di Gardu Jati Baheulamah, Kang Asep apal "Dunia malam" hehe...
Bekel elmu Hotel di cipanas, Masak di Ponyo, Dugem di Bazzoka, Kang Asep Naek Daun di Hotel & Restoran Alam Sari Wates kagaduhan Bapa drs Dedy Suhardi, Hiji Dunungan Anu sok Ngabalap lumpatkeun anak buah, jabatan teu stabil mun urangna kurang gesit, sosok pimpinan anu boga power kuat, disiplin hasilna Karyawan Alam Sari Wates baheula tong bororaah Gawe, leumpang ge gararancang ku didikan anjeuna,,,, hebat,,,, mantap, dipiconto ku Kang Asep....
Alhamdulillah ku Hasil kaderan anjeuna Kang Asep Bisa Asup ka Manajemen Rumah Makan Gentong jadi Manager Tunggal sok sanajan teu lila ku jalaran pajauh jeung kulawarga dina kaayaan Pangantenan...xixixi...
Hatur Nuhun Pa Dedi.... ti Alam Sari Wates Pribados Ngawalan boga Karier, Tur sagala bisa.

 Babak Ka 4
Kang Asep
Lalakon ka opat Nincak ka hiji Hotel di Lembang nyatana HOTEL Nur Alam, salah sahiji Hotel Melati nu teu pernah sepi ku tamuna, mun teu salah nincak di Tahun 1998. Hiji perusahaan anu cukup Disiplin militer oge, waktu eta di olah ku Bapa Ir Iwan Iskandar, hiji sosok pimpinan anu boga wawanen luhur jeung wawasan luas tur bener bener neurapkeun disiplin jeung aturan anu pasti.
Jabatan FB Supervisor.

Di awal Tahun 2000 sa ba`da pesta Tahun Baru milenium hiji tawaran nu lumayan gede di Bandar Lampung, sanaja Kontrak 1 tahun akhirnya Kang Asep nekad jang nyelangan usaha di Rumah Makan Boboko di Bandar Lampung.

Saberesna di Bandar Lampung selang istirahat sapoe. geus kudu nincak di salah sahiji Cafe di Bandung, nyatana Cafe D`Alma, hanjakal teu bisa lila jalaran papanggih deui  ku dunungan nu di Hotel Nur Alam, ku kekeh kudu mantuan di Hotel Nur Alam deui.

Lain deui jeung tahun tahun ka tukang, Bp Iwan nyatana tos ngarencanakeun buka Rumah Makan Leuleutikan, tapi sok sanajan leutij, di jarak 1 tahun mampu muka dua Usaha nu sarua,

Nincak usaha ka 3 tahun Bp Iwan mundur tina usaha babareungan ieu, sagala rupana di pasrahkeun taya alasan nu pasti. rasa sedih jeung haru kana kahadean anjeuna nu tos percaya sagalana ku kitu wae ninggalkeun teu puguh sabab akibat....

Dasar sepuh.. nu geus bisa nyekel kahirupan anak buahna,,, 6 bulan sumping deui, menta kuring cicik di Subang pikeun ngarintis usaha Rumah Makan anu leuwih gede, Hutang budi jeung pangasih anjeun akhirna kuring kudu satia ka dunungan nu geus pernah ngageude keun. cul leosnaon pangusahaan anu keur di sorang ngajugjug Rumah Makan di Subang nyaeta Roemah Dilla
Sa taun di Subang akhirna Sim kuring pamitan, ngarasa wawanen geus kuat pikeun miconto anjeuna nu bisa hirup wira usaha mandiri, ku ayana kasempetan pikeun buka usaha Kantin di Majalaya, anu kiwari ngarubah konsep Jadi Katering di Bandung.

Kahirupan nu teu weuleh nyingharepan tantangan jeung dodoja, Dunungan Rumah Makan Boboko anu di Bandar Lampung, hayang nyieun Rumah Makan Batam, nyakitu tea, kang Asep teu bisa nolak ka batur anu geus mercaya jeung nyaah, akhirna cicing heula di Batam salila 6 Bulan ku jalaran teu bisa ninggalkeun usaha Catering anu di lakon.

Babak ka 5

Teuing kumaha jugjugan nana, tahun 2006 make mampir gawe di Warung Nasi Ampera, nu Akhirna manjang neupi ka mapay mapay Warung Nasi Ampera nepi ka Tahun 2014.
Warung Nasi Ampera memang salah sahiji Rumah Makan anu kuat, Salila di Ampera hiji anu geus jadi ngarasa puas, bisa ngarebut pasar mandiri pikeun Rumah Makan di Bandung, tur geus di Coba di Rumah Makan lainna 
Dalapan Tahun lain waktu nu pondok, tingkat jeunuh waktuna datang pikeun nyinghareupan usaha nu lain jeung miara usaha sorangan..... 
tah kitu heula lalakon Kang Asep.... ke Urang Update deui.

Hatur Nuhun
  



Postingan Terkait

3 komentar:

Ki`Camani Catering mengatakan...

Hayu Urang Gabung Atuh Kang Sareng Pribados...

Unknown mengatakan...

keren pengalaman guru yang terbaik ...............

Asep Garut mengatakan...

Kela..... can tamat yeuuh........ hehe

Formulir Kontak

Nama

Email *

Pesan *

Notifikasi

Cari Blog Ini

Banner Promosi

banner